F Pupuh Asmarandana - galihghungs blog

Pupuh Asmarandana


Pupuh Asmarandana

Watek : Menggambarkan rasa asmara (kabirahian), cinta kasih (deudeuh asih), atau rasa sayang (nyaah).
Guru Wilangan dan Guru Lagu : 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

Aya nu limpuh musafir
Bari sila sisi jalan
Kadupak ku anu lolong
Bari eukeur balangsiar
Neangan sandan pangan
Anu lolong gebut labuh
Nu kadupak katindiha



CONVERSATION

0 comments:

Posting Komentar